FAQ |
Calendar |
![]() |
#1
|
|||
|
|||
![]()
Aya SMS asup, Mang Yayat ngan pati kerung macana oge:
"Nak, tolong kirim pulsa 100 ribu ke hp baru Mama. Mama lagi di kantor polisi. Penting." Mang yayat ngabales kesel: "Rék nipu aing siah ? Iraha teuing aing nyebut Mama ka indung aing, biasana ogé Ema ! " Teu lila aya SMS asup deui: "Jang, tolong kirim pulsa 100 ribu ke Ema. Ema lagi di kantor polisi. Penting " Dibales ku Mang Yayat: "Istikomah atuh maké bahasa téh, rék bahasa Sunda atawa Indonesia ! " SMS dibales : "Jang, punten kintun pulsa 100 ribu ka Ema. Ema nuju di kantor polisi. Penting ! " Mang Yayat ngabales deui: "Hampura, aing ogé sarua cekak 700 perak deui. Gara2 sia atuh da tukang tipu ! " Nu rék nipu ngabales deui: "Cing atuh ti tatadi nya ngomong wé teu boga pulsa ! Capé rék nipu na ogé ! " Mang Yayat ngabales : "Cucunguk sia atuh da ! Jadi pulsa aing 350 pérak deui ! " Dibales ku nu nipu: "Salah saha kunaon dibales !?" Mang Yayat ngabales : "Sia nu ngamimitian tukang tipu ! Ieu SMS aing nu terakhir ! jadi beak pulsa aing ! " Nu nipu ngabales: " Sarua béak pulsa aing oge kéhéd !!! Jadi Hese rek nipu nu sejen dasar Blegug siaaaaah |
![]() |
|
|